EMBE VS URANG

(UINSGD.AC.ID)-Lamun hiji waktu aya kasempetan jang ngobrol jeung embe, kuring hayang nanyakeun naha manehna teh ridho, ku gusti diciptakeun jadi embe?

Sok sanajan jiga nu teu penting eta pertanyaan teh tapi jang kuring mah butuh pisan kana jawabanana, lir ibarat Pesulap Merah anu ngudag-ngudag Gus Samsudin sangkan meunang jawaban naha bener manehna teh Ajengan atawa paranormal? Tapi kanca, Gus Samsudin mah lain embe, jeung teu hir teu walahir jeung embe.

Balik deui kana embe, sabenerna sajeroning ati salebeting bayah, kuring yakin lamun embe bisa ngomong tangtu manehna bakal ngajawab yen manehna teh ridho banget… Sabab lamun eta embe teu ridho tangtu manehna bakal demo, tah saacan demo teh tangtu manehna bakal nyieun heula himpunan atawa kumpulan atawa paguyuban beh dituna bisa wae eta embe nyieun partey….

Partey jang embe tangtu bakal beda jeung partey jang jelema, sabab embe mah teu boga hawa napsu pikeun ngawasa di hiji nagara. Partey keur embe gunana ngan saukur jadi jalan pikeun manehna merjoangkeun hak-hakna salaku mahluk, nya salah sahijina menggunakan hak bertanya ka gusti “naha bet manehna diciptakeun jadi embe?”

Coba mun manehna di ciptakeunna jadi odong-odong tangtu moal meureun ngarasaan di pitnah ku bangsa manusa… Coba gera mun aya manusa anu nyieun laku teu uni tuluy eta kalakuan teh dipengparkeun ka nu sejen tah manusa anu jadi korbanna teh disebutna “diembe hideungkeun”.

Jelema nu tara mandi disebutna sok bau embe…tuluy dulurna embe nyaeta domba oge pan jadi kateumbleuhan nepikeun sok aya istilah “Adu Domba”.

Tapi keukeuh, sakali embe tetep embe, Pamohalan mun embe ngajirim jadi manusa. Tapi lamun manusa nu ngajirim jadi embe jigana mah loba. Heueuh ari dedegan manusa ari kalakuan jiga embe malahan mah leuwih-leuwih ti embe.

Embe mah tara mandi oge dagingna masih keneh payu dijual, cai susuna tina jenis embe etawa loba pisan mangpaatna, di Garut dulurna embe nyaeta domba bisa nyugemakeun urang ngaliwatan kasenian “adu domba” jeung “domba renggong”,
atawa dina kartun “Shaun The Sheep”.

Tah ku kituna hayu urang diajar ti embe hiji makhluk gusti anu teu dipasihan akal jeung pikiran tapi mangpaat kanggo kahirupan urang. Cag!!!

WhatsApp
Facebook
Telegram
Print
Twitter