UIN SUNAN GUNUNG DJATI BANDUNG

Surat Tarekat keur Snouck

Bahasan ngeunaan Haji Hasan Mustapa (HHM, 1852-1930) siga nu teu béak-béak. Ngan asana ari kana surat-surat HHM anu disimpen di UB Leiden, Walanda, mah tug dugi ka kiwari tacan kaungkab eusi sagemblengna. Padahal surat-suratna kawilang réa, nya di antarana aya nu dikodeuan dina Cod. Or. 8952 jeung Cod. Or. 18.097. Ari koréspondésina taya lian ti jeung sobat dalitna, Snouck Hurgronje (1857-1936).

Susuratanana HHM jeung Snouck dina basa Arab. Nu dibahasna rupa-rupa pasoalan. Kaasup nu sipatna rasiah gé bisa jadi dibahas. Geura aya iber tepungna HHM jeung Snouck di Arab, kulawarga Snouck di Priangan, sarta kiriman rupa-rupa karangan HHM ka Snouck di Walanda. Aya deuih surat HHM nu ngabahas ngeunaan kahirupan sosial jeung kaagamaan mangsa harita, kayaning masalah tarékat, jamaah haji, ngadegna organisasi Muhammadiyah, Sarékat Islam, jeung sajabana.

HHM kudu nyuratan, lantaran diperedih ku Snouck sangkan teu petot-petot ngawartaan ka Walanda. Komo deui HHM harita salaku panghulu Bandung nepi ka pangsiunna tetep sosobatan malah tos dianggap dulur  deuheus ku Snouck. Jadi sagala rupa parobahan situasi di Hindia Walanda ti Snouck mulang ka Walanda taun 1906 terus diwartaan ku HHM. Sagala rupa warta HHM ka Snouck bisa jadi engkéna dijadikeun timbangan ku pamaréntah Walanda.

Tah, salah sahijina ngeunaan aliran tarékat di Jawa, eusi surat HHM ka Snouck téh. Dina surat HHM tanggal 21 Séptémber 1907, cénah GA Hazeu (1970-1929), pejabat Walanda urusan pribumi, ngeunaan perkara sababaraha aliran tarékat, kungsi mapaykeun ngeunaan tarékat. 

Mun disundakeun mah kira-kira kieu: “Tuan Hazeu nanya ka kaula ngeunaan tarékat-tarékat anu kawentar di Jawa. Guruna téh saperti Kyai Muhammad Saléh Purbalingga anu disarebut guru tarékat Akmaliyah, Haji Husén Beru Sélébés nu disarebut guru tarékat Muhammadiyah, tepi ka para pejabat nu cumarita ka rahayat nagri ngarasa sieun jadi mamala keur rahayatna (ku alatan éta aliran tarékat). Kaula ngajawab ka Tuan Hazeu ku jawaban nu kaula apal, yén kaula teu apal sarta teu sapuk ngeunaan Kyai Saléh. Kaula mah ngan apal téh ka Kyai Nurhakim Pasir, Kyai Ishak Banjarnegara, Ranusumita Purbalingga, Suryadi Wanasaba, maranéhna kawentar dina perkara tarékat. Sakapeung maranéhna nu sumanget nétélakeun ajaran “insan kamil makmal akmal” nu katelah tarékat Akmaliyah. Kitu ngagedur ngajelaskeun ajaran “anfas nafs tanaffus nufus” nu katelah tarékat Anfasiyah. Sumanget deuih ngajelaskeun ajaran Muhammad Ajar ngeunaan hal éta jeung babandinganna dina hurup-hurup ngeunaan Alloh nu katelah tarékat Muhammadiyah. Sakapeung kaula mireng yén di Purbalingga aya guru jeung murid anyar paraséa jeung murid KH Ilyas Sokaraja Purwokerto. Sakapeung Haji Husén dianggap asing ka éta daérah. Nya maranéhna ngadakwa Haji Husén bari nyebutkeun Haji Husén mah guru tarékat Muhammadiyah nu sarua jeung Syékh Sanusi di Mekah. Haji Husén nyokot silsilah tarékatna. Sedeng perkara maranéhna (éta ahli tarékat) dipikasieun jadi mamala jeung sajabana, nya ari cék kaula mah moal. Saenyana kabiasaan para priyayi jeung amtenar gé sok timburu jeung sirik ku sabab ayana jalma nu dipihormat ti golongan bangsana, sakumaha nu kasaksén di karéréanana daérah yén rasa hormat sacara batin ngalantarankeun parobahan lahir…”

Dina ieu surat Hazeu nanya ka HHM perkara aliran tarékat nu dianggap bisa jadi mamala keur pamaréntah kolonial. Sabab harita aya nu baruntak saperti di Cilegon Banten taun 1888 (Kartodirdjo, 1966), nu lain ukur ku tukang tani tapi ogé ku para ahli tarékat. Sanggeus éta kajadian, pejabat kolonial beuki nalingakeun pisan kagiatan tarékat kaasup nu marunggah haji.

Dina surat ieu gé, Hazeu katémbong kahariwang ku Kyai Saléh ti tarekat Akmaliyah jeung Haji Husén Biru Sélébés ti tarékat Muhammadiyah. Nya HHM ngajawab teu apal ka Kyai Saléh mah. Apal sotéh ka Kyai Nurhakim Pasir Purwokerto, Kyai Ishak Banjarnegara, Ranusumita Purbalingga, Suryadi Wanasaba ti tarékat Akmaliyah, sakapeung sok ngajarkeun tarékat Anfasiyah jeung Muhammadiyah. HHM gé nyabit-nyabit KH Muhamad Ilyas ti Sokaraja Purwokerto, minangka salasaurang guru tarékat Akmaliyah nu kawentar. 

Jawaban HHM satuluyna, éta aliran tarékat teu kudu dipikahariwang. Lantaran réréana nu mawa hariwang mah jolna ti para priyayi jeung amtenar nu ngarasa timburu ku ahli tarékat, sabab leuwih dipihormat ku rayat. Salasaurang pajabat pribumi nu anti-tarékat cék Nico Kaptein (2014) nya Sayyid Uthman (1822-1914), ulama Batawi turunan Arab. Manéhna nyumebarkeun warta ngaliwatan karanganna saperti Al-Nasihah al-‘Aniqah ngeunaan bahayana tarékat sabab ngalawan ka pamaréntah utamana sabada kajadian di Cianjur 1885 jeung Cilegon 1888. 

Teu écés, naha HHM kungsi maca atawa mireng éta perkara anti-tarékat. Teu siga Sayyid Uthman, HHM mah justru teu nyakompét-daunkeun malah nolak anggapan ahli tarékat matak ngabahayakeun. Najan kakolom panghulu Bandung nu digajih ku Walanda, HHM teu pipilueun méré kamandang nu teu puguh dasarna. Sabalikna kalawan rasional méré gambaran katerangan yen anggapan eta datangna ti para menak jeung pejabat pribumi anu saririk weh ku sabab eleh pangaruh di masarakat. 

Katerangan HHM dina serat ieu tangtuna nguatan perkara perkembangan tarekat di Jawa sakumaha anu kungsi ditalungtik ku van Bruinessen (1992: 170). Saurna aya sababaraha tarekat nu seueur pengikutna di Banyumas Purwokerto, saperti Sattariyah, Qadiriyah Naqsabandiyah, Akmaliyah jeung Khalwatiyah. Ieu tangtuna matak ngahariwangkeun pamarentah Walanda. Guru tarekat nu kawentar mah saurna asalna Kyai Hasan Maolani ti Lengkong Cirebon. Saatos anjeunna dipiceun ka Manado taun 1846, nya Kyai Nurhakim Pasir Purwokerto nu ngalajengkeunana. Tapi nu langkung nyongcolang mah saurna nalika diteraskeun ku Kyai Muhamad Ilyas ti Sokaraja Banyumas Purwokerto sakumaha disebatkeun ku HHM oge. Anjeunna gaduh rebuan murid tarekat dugi kantos ditahan ku Walanda taun 1888. Panghulu Banyumas harita nu ngabebaskeunana. Saurna Kyai Ilyas mah teu ngagaduhan ambisi pulitik.

Jawaban HHM ka Tuan Hazeu katingalna teu tebih sareng sikep penghulu Banyumas eta. Malih waleran HHM mah keuna pisan. Yen nu mikahariwang kalawan sok nyakompetdaunkeun teh para priyayi jeung amtenar anu saririk weh ka eta para ulama tarekat. Ieu jawaban nuduhkeun sikep anu “netral” HHM. Anjeunna kacida ngahormatna ka eta para ulama, sabab HHM oge kapan kantos guguru tarekat salami di Mekah sarta ngamalkeun ajaran tarekat Sattariyah dina kahirupanana. Sobatna, Kyai Kurdi ti Pasantren Sukawangi Singaparna, anu kantos susuratan sareng HHM ge sami-sami nganut tarekat ieu. Malah silsilah tarekat na ge saurna nyambung dugi ka Syekh Abdul Muhyi Pamijahan. Saurna Guru tarekat HHM di antawisna Syekh Abdullah Zawawi sareng Kyai Muhammad Garut ge nganut tarekat Qadiriyah. Sanes HHM wungkul, Snouck ge majar kantos dibeat dina tarekat. Salian ti eta, kapan HHM kantos maturan Snouck atrok-atrokan ka Jawa (1889-1892) nepungan para ulama jeung kyai di sababaraha pasantren kelebet daerah Banyumas. Teu mustahil HHM akrab pisan sareng para guru tarekat sakumaha disebatkeun dina serat di luhur.

Nilik kana kasang tukang kahirupan HHM anu teu leupas tina paelmuan tarekat pantes mun karya-karya HHM oge seuseueurna mah museur kana masalah kapangeranan ditilik dina jihat tasawuf sareng paelmuan tarekat. Maka pantes mun Hazeu naros ka anjeunna perkara ieu. Nya taya lepatna upami HHM teras oge ngawartosan ka Snouck di Walanda. Snouck nu kakara sataun mulang, tangtuna miharep pisan ayana berita perkara kahirupan rahayat Hindia Walanda kaasup masalah kaagamaan. Ieu bisa jadi dasar keur Snouck pikeun mere saran ka pamarentah Walanda. Ku sabab kitu serat HHM di luhur, saeutikna bisa nambahan berita ngeunaan tarekat di Jawa utamana pikeun bahan panalungtikan nu leuwih jero. Salian ti masalah tarekat, masalah sejenna nu dilaporkeun ku HHM ka Snouck tangtuna seueur keneh. Kanggo ka payunna ieu peryogi panalungtikan anu langkung gemet.

Jajang A Rohmana, Dosen UIN SGD Bandung. 

Sumber, Pikiran Rakyat, Senin 31 Januari 2017.